Rabu, 09 Agustus 2023

kitab Layang Muslimin Muslimat

 Rangkuman kitab layang Muslimin Muslimat 


ikhwan Majlis Dzikir Sukaregang Garut 





Perkawis Agama 

Rd. Muslimat : Anu bade ditaroskeun teh, anu kahiji perkawis “ kecap Agama “, naha tina bahasa naon?, naha bahasa Arab, Sunda, Jawa, anu kaduana “ gunana Agama “, pikeun manusa?.

    Rd. Muslimin : Rai !, ari kecap Agama mah lain tina bahasa Arab, tapi tina bahasa Sangsekerta. Ari hartina, geura urang recah : A, hartina “ henteu “. Gama, hartina “ Kacau “. Jadi lamun dihijikeun mah A- Gama teh hartina “ henteu kacau “. Gunana pikeun manusa, atuh jelas mangrupa “ ageman, padoman, tuntunan “ sangkan hirupna ulah kasasar, sangkan tujuanana tepi kanu dituju.

Agama : ageman manusa

asalna ti para nabi sareng para rasul.

    Rd. Muslimat : Euh…….tadina rai mah nyangka teh tina bahasa Arab, dumeh Agama Islam diturunkeun di tanah Arab. Dupi bahasa Arabna naon agama teh ?.

    Rd. Muslimin : Ari bahasa Arabna mah Agama teh “ Din “. Geuning dina dalilna oge kieu :

“ INNA DINNA INDALLAHIL ISLAM “,

Sundana : “Mungguh Alloh, Agama Islam teh anu pangluhung-luhungna”.



Perkawis Syahadat

Rd. Muslimin : Mangga rai catet..!, ari Syarat Sahna maca Syahadat teh, kedah kacumponan 5 (lima) syarat, nyaeta :

    Kudu geus Netepkeun Kana Dhat-na Allah Ta’alla

    Kudu geus Netepkeun Kana Sifat-na Allah Ta’alla

    Kudu geus Netepkeun Kana Asma-na Allah Ta’alla

    Kudu geus Netepkeun Kana Af’al-na Allah Ta’alla

    Kudu geus Sidik/Tasdik Ka Rasululloh kalawan geus netepkeun kana Sifat Rasululloh, nyatana : Sidik, Amanah, Fathonah, jeung Tabligh.

Tah.. rai !, DZAT, SIFAT, ASMA, AF’AL teh disebatna “ RUKUN MA’RIFAT” , Ma’rifat ka Alloh, Ma’rifat ka Rasululloh.

RASUL NU KA HIJI NABI ADAM A.S

“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ADAM KHALIFATULLOH”

Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Adam dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna ulah hayang Ma’rifat ka Kami, kanyahokeun heula wujud maneh pribadi, sabab wujud maneh eta kanyataan ayana Kami.

Kapan ceuk dalilna oge :

“WALLAHU BATHINUL INSAN AL INSANU DOHIRULLAH”

Artina : Jeung Alloh teh batinna manusa ari manusa dohirna Allah (di ibaratkeun wadah jeung eusina). Jeung maneh Adam kudu sholat 2 (dua) roka’at, waktu subuh pikeun tumarima, hiji boga nyawa kaduana boga wujud. Aya jasad - aya ruh, Aya berang – aya peting, aya awewe – aya lalaki, aya langit – aya bumi, aya lahir – aya batin. 


RASUL NU KA DUA NABI NUH A.S

“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ENUH HABIBULLOH”

Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Enuh dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna ulah hayang Ma’rifat ka Kami, kanyahokeun bae heula dengeken ku maneh pribadi, sabab denge maneh eta Pangdenge Kami.

Kapan ceuk dalilna oge : “SAMI WAL SAMIAN”. (Artina : Ceupil jeung Pangdanguna ). Jeung maneh kudu sholat waktu duhur lobana 4 (opat) roka’at, sing tarima boga dua ceupil jeung dua suku.

 

RASUL NU KA TILU NABI IBRAHIM A.S

“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA IBARAHIM KHALILULLOH”

Dawuhan Gusti Alloh : He Ibrahim Maneh dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi montong hayang Ma’rifat ka Kami, kanyahokeun bae heula paninggal maneh pribadi, sabab paninggal maneh eta Paninggal Kami.

Kapan ceuk dalilna oge : “BASHIR WAL BASHIRAN”. (Artina : Soca jeung Paninggalna ). Jeung prak maneh kudu sujud, sholat waktu ashar lobana 4 (opat) roka’at, kudu tarima ngabogaan dua siki mata jeung dua leungeun kenca katuhu.

 

RASUL NU KA OPAT NABI MUSA A.S

“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA MUSA KALAMULLOH”. Kitabna nyaeta Taurat.

Dawuhan Gusti Alloh : He Musa Maneh dikersakeun ku Kami jadi utusan aing pribadi, tapi montong hayang nyaho kana Dhat-Sifat Aing, kanyahokeun heula pangucap maneh pribadi, sabab pangucap maneh eta Pangucap Kami.

Kapan ceuk dalilna oge : “KALAM WAL MUTAKALIMAN”. (Artina : Ucap jeung Nu ngucapkeun ). Jeung prak maneh geura sholat waktu maghrib lobana 3 (tilu) roka’at, sabab saperkara boga baham, kaduana boga lisan, katiluna boga ati.

Sedengkeun saatos jaman Nabi Musa diteraskeun ku Nabi Dawud A.S. Ari Kitabna nyaeta Jabur.

 

RASUL NU KA LIMA NABI ISA A.S

“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ISA ROHULLOH”. Ari Kitabna nyaeta Injil.

Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Isa dikersakeun ku Kami geus jadi utusan Kami, tapi teu kudu hayang nyaho kana Dhat Kami, kanyahokeun bae heula Napas maneh pribadi, sabab Napas eta kanyataanana hirup Kami Kami.

Prak maneh geura sholat Isa 4 (opat) roka’at, lantaran di maneh eta ngabogaan 2 (dua) liang irung, katiluna Nafas, nu kaopat geutih, geus bukti sabab lamun geutihna lampus, nafasna oge moal aya.

 

RASUL NU KA GENEP NABI MUHAMMAD S.A.W

“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA MUHAMMAD RASULULLOH”.

Ari kitabna nyaeta Al-Qur’an.

Dawuhan Gusti Alloh : He Muhammad Maneh teh utusan Kami, ka Kami maneh kudu Ma’rifat, sabab maneh anu pang deuheusna,

Kapan ceuk dalilna oge : “AL INSANU SIRI WA ANA SIRUHU”. (Artina : Sategeusna maneh Muhammad rasa Kami, jeung Kami teh rasa anjeun) kapan pangkatna oge Muhammad – Rasululloh,. Ieu kami mere Buroq pikeun engke ngadeuheus ka hadirat Kami, Jeung turun ka anak incu, terus ka para Wali sadayana, Muslimin para Aulia, nu menang pitulung Gusti, malah nepi ka poe Qiyamah.

Tingali lafadna Nabi-nabi : Adam, Enuh, Ibrahim, Musa, Isa. Sadayana teu ngangge tasjid, iwal ti Nabi Muhammad, sami sareng lafad Alloh, netelakeun carita teu aya deui, yen Nabi Muhammad anu dipaparin Konci keur ngadeuheus ka Hyang Agung. Jadi sanajan ayeuna umat Nabi, tangtu bisa, lamun kapanggih “Tasjidna” asal suhud neanganana, dibeulina ku prihatin, tirakat mutih puasa sareng dibarengan ku TEKAD – UCAP – LAMPAH anu bener tur suci. Mangga lenyeupan. Saur sepuh :

“KERIS MANJING WARANGKA, WARANGKA MANJING CURIGA”.

 

Syahadat teh ibarat Pondasina Agama, anu matak dina Rukun Islam jadi nomer hiji. Insya Alloh upami pondasina kuat, weweg, atuh kana ibadah-ibadah Rukun Islam anu sanesna oge bakal kuat sareng weweg :

Kana ibadah nomer dua, mangrupa tihangna Agama, nyaeta Sholat, bakal kuat, tihangna kuat da pondasina kuat.

 


Tujuan Hirup Manusa

manusa di umbarakeun ka Alam Dunya teh lain kur kitu wae, tapi puguh Tujuan jeung Tugasna. Ari Tujuan-na aya dua tahap :

        TAHAP KAHIJI

Tujuan jangka pendek, nyaeta kudu bisa nyaluyukeun diri jeung kahirupan di Alam Dunya (Pidunya Hasanah).

        TAHAP KADUA

Tujuan jangka panjang, nyaeta Perjalanan mulang deui kana asal urang nyatana Alam Akherat. Sagala tekad, ucap, lampah keur di Alam Dunya teh kudu jadi pangdorong kana kalancaran “ WA INNA ILLAIHI ROJI’UN “. Sedengken Tugas-na nyaeta kudu bisa nyuburkeun di Bumi Alam ieu. Hartina kudu bisa ngagolangkeun modal ti Nu Maha Suci nyaeta BADAN JASMANI jeung BADAN ROHANI.

Tina Rohani kudu bisa ngagelarkeun BUDHI (CIPTA, RASA, KARSA). Sedengken tina Jasmani ngagelarkeun eta Cipta, Rasa jeung Karsa, nya ngajanggelek hasilna disebut “ Karya” atawa hasil pagawean. Dina palebah dieu, jelema mah gumantung kana museurkeun “ Cipta, rasa, jeung karsana “, kana ciptaan atawa dadamelan Allah SWT, anu “ Dua pasangan “ nyaeta “ Alam Semesta sareng Agama pikeun imbangannana.


yen ari “Elmu” (katerang) anu jadi ageuman Kanjeung Nabi Muhammad SAW. teh sagemblengna disebatna nya “ RUKUN AGAMA “ tea. Ari Rukun teh sauyunan atawa runtut, ari Agama, hartina nya sakumaha parantos diterangkeun ti payun nyaeta “Henteu kacau”.

    Rd. Muslimat : Ke…kang !, ari basa sauyunan mah diterapkeunana teh kedah kanu langkung hiji, naha ari rukun Agama teh sabaraha hiji ?

    Rd. Muslimin : Da memang sanes hiji, sadayana teh aya 4 (opat) tahap. Hiji-hijina nyaeta :

        ELMU SYAREAT

        ELMU TAREKAT

        ELMU HAKEKAT

        ELMU MA’RIFAT

Ari Elmu Sareat teh tahap munggaran anu nekenkeun kana ka Imanan, yen Alloh SWT teh aya. Nya didadarkeun ku Rukun Iman anu genep perkara tea. Tah pikeun ngabuktikeun ka Imanan teh, kudu daek ngalaksanakeun sagala aturan-aturan kawajiban atawa katangtuan katut kadisiplinan “ ibadah” anu di tangtukeun dina Rukun Islam anu lima perkara tea. Atuh kudu bisa ngahargaan atawa ngahormat ka “ Kolot”, ka “Guru”, ka “ Pamingpin” (Penguasa), tur kudu patuh kana aturan-aturan kamasyarakatan sareng ngajaga kasaluyuan lingkungan. Cohagna, Syareat mah muser dina “ Sah jeung batalna ibadah”, boh “ Hablum minalloh”, boh “Hablum minannas”, nekenkeun ibadahna ku pamolah jasad.


Engkang sering nguping ti para Ulama, kieu sanggeumna : “ Ari neuleuman Agama teh kudu nete taraje nincak hambalan, kudu Iman heula, terus kedah Tauhid, kedah Ma’rifat, salajengna nembe Islam. Tah geuning parantos kasebat Ma’rifat.

        Engkang kantos nguping kieu : “ SYAREATUN BILLA HAQIQATUN ATILLATUN”. Anu hartosna : “ngaji sareat lamun teu jeung hakekat, cenah kosong”. Atuh sawangsulna “ HAQIQATUN BILLA SYAREATUN BATILLUN”. Hartosna : “ngaji hakekat lamun teu jeung sareat, cenah batal”.


        Dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad SAW kieu :

            Ari SYAREAT teh : Caritaan Kami.

            Ari TAREKAT teh : Pagawean Kami.

            Ari HAKEKAT teh : Kalakuan Kami.

            Ari MA’RIFAT teh : Tujuan Kami.


Ari Elmu Tarekat mah, undakna tina Elmu Syareat, mesek tur neleuman, ngalenyeupan (penghayatan) elmu syareat, teras neangan jalan, cara pikeun ngaronjatkeun ajen ibadah, tarekah ngabersihan “ Hate atawa Qolbu “ tina kotoran-kotoran “ Hawa Nafsu” anu ngancik teu pisah di diri manusa. Pastina oge bakal ngaronjat ajen tata cara hirupna. Ibadah dina Tarekat mah muserkeun “ Pamolah Kalbu/hate” saolah-olah dipencrong ku Alloh SWT.


DINA AL-QUR’AN DI JELASKEUN :

Thariqat ( ﻄﺮﻴـﻘـﺔ ) Artina : Jalan atau Usaha pikeun menuju ka Allah.

ﺍﻴﺎ ﻴـﻬﺎ ﺍﻠﺬ ﻴﻦ ﺍﻤـﻧﻮﺍﺍﺗـﻘـﻮﺍﺍﷲ ﻮﺍﺒـﺗـﻐﻮ ﺍﺍﻠﻴـﻪ ﺍﻠﻮﺴـﻴﻠﺔ ﻮﺠﺎﻫـﺪﻮﺍﻓﻰ ﺴـﺒـﻴﻠﻪ ﻠـﻌـﻠﮑﻤ ﺗـﻔﻠﺤﻮﻦ ە۳

Artina :

“Hai jalma-jalma anu iman, kudu taraqwa ka Allah, jeung usahakeun / teangan Jalan (ﺍﻠﻄﺮﻴـﻘـﺔ ) anu ngadekeutkeun maraneh ka Manten-Na. Jeung kudu Jihad tina Jalan-Na (Allah) ngarah maraneh menang kemenangan (Dunia-Akhirat)”. (Q.S. Al-Maidah Ayat 35).

Pituduh Hadits ngeunaan Tarekat, nurutkeun katerangan ti Sahabat Sayidina Ali kieu : “ Kuring tumaros ka Rasululloh, Ya Rasululloh jalan (Tarekat) anu mana anu paling deukeut pisan ka Alloh, sareng panggampil-gampilna salaku Abdi Alloh tur anu pang mulya-mulyana di payuneun Alloh SWT ?.

Waler Rasululloh : “ Ya Ali, penting pikeun anjeun sing ngalobakeun khusyu “ Dzikir” ka Alloh.

Syaidina Ali : “ Saban jalma Dzikir ka Alloh ?

Rasululloh : “ Ya Ali, moal kajadian kiamat, satungtung anu nyaricingan di luhur bumi ieu, jalma-jalma sok ngarucapkeun Alloh….. Alloh.

Syaidina Ali : “ Kumaha carana Dzikir ya Rasululloh ? “.

Rasululloh : “ Cing peremken panon anjeun, sarta dengekeun naon anu di ucapkeun ku Kami”. Teras Rasululloh masihan conto, ngucapkeun “ LAA ILAHA ILALLAH “ tilu kali, bari socana peurem.

Syaidina Ali : “ Nurutan sakumaha anu di contokeun ku Rasululloh ngucapkeun “ LAA ILAHA ILALLAH” tilu kali bari pereum.

Tah ajaran ieu, saterusna ku Syaidina Ali di ajarkeun deui Hasan – Husen sareng pala putra putrina dugi ka para Allul Bait-na. Saterusna mah nya ngawujud jadi Elmu pendidikan anu ayena disebat elmu Tarekat / Tasawuf. Jelasna, yen tarekat / tasawuf teh, mangrupa bagian tina Elmu Sareat. Lamun Elmu Sareat wajib dikanyahokeunana ku sakumna Muslimin, atuh tarekat / tasawuf oge hukumna wajib di kanyahokeun. Imam Malik :

ngaringkeskeun jalan pikiran ngeunaan hal ieu, sarta pamadeganana kieu : “ MAN TAFAQQOHA BIGHOIRI TASSAWWUFIN FAQOD TAFASSAQA WA MAN TASSAWUF BIGHOIRI TAFAQQUTIN FAQOD TAHAQQOTA “. Anu hartosna : “ Saha-saha anu ngulik Elmu Fiqih bari Tauhid wungkul, bari henteu ngulik Elmu Tassawuf / Tarekat, pasti boga laku Fasek (kurang moral). Sabalikna saha-saha anu nganut Tassawuf bari henteu dibarengan ku Fiqih sarta Tauhid, eta bakal jadi golongan Zindik (nyelewengkeun Agama). Saha-saha anu ngalaksanakeun dua-duana, eta anu jadi golongan anu Hakiki (tulen).


Perkawis Ruhani

ari anu disebat Rohani teh diwangun ku 4 (opat) perkara, nyaeta :

            NARUN

            HAWAUN

            MA’UN

            THURABUN

    Rd. Muslimat : Punten kang !, jelaskeun ku bahasa anu kahartos ku rai.

    Rd. Muslimat : Kieu atuh :

            Ari NARUN teh Cahaya Berem

            Ari HAWAUN teh Cahaya Koneng

            Ari MA’UN teh Cahaya Bodas

            Ari THURABUN teh Cahaya Hideung

Tah ieu cahaya anu 4 (opat) teh disebatna NUR MUHAMMAD, atawa HAKEKAT ADAM (Bahrul Adam), Hartina : “Sagara saniskara anu ngabukti di Alam Semesta katut sagala eusina.

    Rd. Muslimat : Ke …. Kang !, kapan eta mah moal katingali ku soca anu bukti ieu, kumaha atuh supados tiasa katingali ?.

    Rd. Muslimin : Ningali anu ghoib mah, sakumaha Sanggeum Rasululloh oge dina dalilna : “ RUYA’TULLAHI TA’ALA FIDUNYA BI AENIL QOLBI”, anu hartosna : Ningalina Alloh di dunya kudu ku awasna hate/ Qolbu.

    Rd. Muslimat : Ulah kapalang kang !, upami hoyong tiasa awas hate kedah kumaha ?

    Rd. Muslimin : Nya kedah bersih Qolbu/hate tina kokotor, sabab kokotor Qolbu eta jadi “Hijab” atawa pipinding kana awasna ka Nu Maha Suci. 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kitab ilmu Al kaghidiyah

 Terjemahan kitab Al kaghidiyah  Daftar isi kitab alkaghiyah :   v ilmu kaghidza v Merubah kertas dengan surat jin  v BAB UANG GH...